Propil Warga

Propil Warga

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, September 01, 2005

Afi


Jisim abdi teh Afi, ayeuna nuju ngumbara di Brisbane nagari kangguru tea, pedah we si akang teh guru di UPI Bandung janten kacacandak ka nagri kangguru, nyambung paaan :D

Ngumbara di Brisbane tos dua taun langkung sareng pun anak and caroge. Pun anak, Lara, yuswa na tos bade opat taun, meni eleh we basa Inggris indung na teh nya, sok sirik. Abdi janten pangangguran dicandak ka luar nagreg teh nya kulantaran kitu, padamelan ngan brawsing internet sareng kerek (khrrrrrrrr .....), jalan-jalan we ka mall bari jeung teu meser-ceuk si bule mah window shopping cenah. Ari karesep nongton The Simpson.

Pangharepan ngiring wsab nya .... supados tiasa kenalan sareng urang sunda nu aya di sabuderen alam dunya (jeung akherat teu nya?) sareng panginten urang tiasa gentosan resep masakan sunda, kumargi abdi teh kekeh hoyong tiasa ngadamel cilok-aci dicolok tea. Tos teu kiat nandanganana ieu hoyong cilok, di dieu mah teu aya cilok. Tah sakitu wae ti Afi, mangga atuh.

Wassalam.

Blog: http://theoriginator.blogs.friendster.com/my_blog/

Wednesday, August 31, 2005

Angki

Angki Sakulawadet
Nami , Angki, ayeuna nuju sakola di Amerika. Rambut hideung, nuju panjang, kulit saeutik coklat (saeutik pisan!!), irung rada mancung (saeutik oge), hobi ameng sareng Gaby. Atos lebet ka klab 30, nikah 5 thn kapengker. Harapan geura lulus sakola ameh tiasa gaduh karir sareng tiasa gaduh kaluarga rukun sakinah. Harapan ti WSAB, mugi silaturahmi sareng istri2 sunda langgeng (naon deui....)

Blog: http://gaby.blogs.friendster.com/danijarsa/

Anya


Nami abdi Anya, yuswa 24 taun, nembe nikah, tapi ntos enggal2 dipasihan rejeki :), ayeuna teh nuju ngandeg :)
Abdi mah asli Sunda, ari bumi pun biang mah di Cimahi, pami pun lanceuk ti Cibiru, tah ayeuna urang duaan linggih na di Sukamantri, daerah pasar cihaurgeulis hehehe.
Hobi ayeuna teh nuju resep2na kanu ngempel2keun resep, teras di praktekkeun di bumi, lumayan geningan walaupun masih amatiran, ka anggo pasakanana ku pun lanceuk, tapi ari masihan ka batur mah da teu acan PD hihihih bilhi benten selera :p

Salam kenal we kanggo sadaya warga WSAB, hapunteun pami basa sunda na orowodol hiehiehhe, da kieu yeuh pami nganggo bahasa lemes teh :P pami nu kasarna mah abdi lancar hehehe.


Blog: http://www.ibusayangade.blogspot.com/

Tuesday, August 30, 2005

Deasy

Nami abdi, Deasy. Yuswa 29 thn), tinggal di England. Abdi aya di England tos ampir 7 thn, tos gaduh buntut tilu. Pun anak nu kahiji: Yusuf lahir taun 2000, kadua Aisha lahir taun 2003, sareng nukatilu Sulaiman lahir taun 2005. Geuning ngalahirkeun teh meuni raos pisannn nya(asa nuang cau ambon,heueuh?) hihihiy....

Pun lanceuk asli orang inggris, yuswa pun lanceuk 30 thn. Namina Lee Roberts. Ngawitan pendak sareung pun lanceuk di Jakarta thn 1998-lajeng ...thn 99 abdi nikah. Abdi rumah tangga tos hampir 7 thn. Abdi oge sami sareng neng Ophi. Pangambung mancung kagigir, kulit koneng, rambut panjang, body abdi sekyyyhh (alhamdulilah...mukena sareng sarung abdi mah cekap keneh..hihiy...).

Cekap sakieu heula pihatur abdi kanggo paramitra WSAB.

YM ID: deasyroberts
Blog: http://12landseer-close.blogspot.com/

Echie


Nami abdi, Echie, kelahiran 1978, tinggal di Tambun Bekasi. Abdi nikah ka si abah tea hihihi alias Arie tahun 2003, tos gaduh dua bidadari namina Khansa sareng Hayfa. Abdi hobina jalan2 sama Abah sareng barudak, masak, baca buku, nonton TV sareng ngobrol. Abdi ngiring WSAB dikomporan ku tetehku tah maniak blog, ophi tea hihihi. Resep ah ngiringan WSAB teh. Salam kenal ka sadaya nyaaa...

Blog: http://keluargaabahambu.blogspot.com/

Monday, August 29, 2005

Eva


Wilujeng Tepang, Nepangkeun ka sadayana, abdi Eva Priyani kagungan putra hiji yuswa 3 taun jenengana Halwa Aulia N, oge caroge hiji jenenganna A. Ali.N
Samentawis ayeuna nuju milari pangalaman di Singapore, dupi linggihmah di Bandung.
Bingah pisan tiasa ditampi kempel ngariung sareng wargi-wargi ti pasundan sadaya, mugia ku janten anggota WSAB ieu sim kuring tiasa ngamumule bahasa sunda kangge bekel ka palaputra. Panginten cekap sakieu.
Haturnuhun nu saageung-ageungna.

Blog: http://www.ummihalwa.blogspot.com/

Fifi

Assalamualaikum Wr Wb,

Nepangkeun pribados Fifi asli Garut calik di Jakarta, hoyong ngiringan ruing mungpulung sareng sadaya urang sunda nu aya di mancanagara supados tiasa ngalemeskeun basa sunda sareng nambih saderek.
Baktos,Fifi

YM: lieur_3010
Blog: http://fiefamily.blogspot.com/

Sunday, August 28, 2005

Henny


Abdi Henny, ayeuna linggih di Köln, nyarengan suami anu nuju sakola, abdi mah asalna ti Bogor, SMA na Regina Pacis angkatan 94, terus ka Unpar Akuntansi, abdi ngiringan WSAB meh kenal sareng ibu2 ti seluruh benua.

Blog: http://hennym.blogs.friendster.com/

Ika


Nami abdi ika , linggih di bandung parantos gaduh putra hiji pameget namina vito yuswana dua taun satengah, kuli di ITB.
Pun Biang asli Garut upami pun Bapa ti Ciamis, tapi atos ralami linggihna di Bandung, upami karesep kaleresan ayeuna teh nembe tiasa papasakan sareng ngadamelan kue janten nguplek teras peraktek resep-resep.

Harepan ngiring WSAB nyaeta hoyong manjangkeun tali silaturahmi sareng hoyong
tiasa diajar bahasa sunda anu langkung sae deui.
Sakitu wae perkenalan ti abdi, hapunten upami aya bahasa anu kirang merenah.

Blog: http://vito-aldito.blogspot.com/

Ika Dimyati


Wilujeng Tepang, Nepangkeun ka sadayana, abdi Ika Zakiyyah, pami pun lanceuk mah Ahmad Dimyati baladna si pitung orang Betawi heheh tp tiluhurna mah orang subang ...janten ngartos basa sunda tp teu tiasaeun nyariosna pabaliut wae ...hehe

kaleresan nuju ngiring ngingintil ka mantan kabogoh(hehe sing bogoh saterasna ah)sakola di Jepang (tapi ayeuna nuju kontrak kerja heula salami sataun janten sakolana diteraskeun taun payun) di jepangna di daerah Ogaki Gifu..., dupi linggih mah di Bandung, asli ti Bandung sim kuring mah( tapi bahasa sunda na paburantak wae ) di daerah Buah -batu tepatna di jalan Logam abdi mah...

Bingah pisan tiasa gabung sareng tepang ngariung mungpulung di dunia maya sareng wargi-wargi ti tatar pasundan , mugia ku jantenna warga WSAB ieu sim kuring tiasa ngamumule bahasa sareng tiasa diajar resep2 sunda ka wargi2 sadaya duh terutami mah cireng sareng cilok dkk , haturnuhun anu kasuhun, salam baktos ti sim kuring.

YM ID :ica_dim@yahoo.com
http://safirasalsabila.blogdrive.com

Ina


Assalamu'alikum Wr Wb...
Punten sateuacana, ibu-ibu moderator. Abdi tos lami sok ningalian WSAB ti Eva-Singapore. Bade ngiringan mailist pami diijinan.

Nami abdi : Ina Inayah (sunda pisan)Lahir di Bogor kaping 12 Juli 1972, ageung di Bogor dugi ka SMA teras neraskeun ka IKIP Jakarta. Abdi nikah ka orang Bengkulu, tapi lumayan sukses ngajarkeun bahasa sunda ka pun bojo...:)
Ayeuna abdi linggih di Brisbane, pun bojo damel di University of Queensland.
Abdi gaduh dua putri, Hamamatul sareng Nurul.

Saturday, August 27, 2005

Inta


Nepangkeun, Abdi Shinta. nenehna, atanapi nami bekena kitu cekap Inta.
Ti lahir dugi ka tamat sakola (alhamdulilah tamat oge sakola teh euy hehehe), linggih di Bandung, Nincak 4 taun ieu nuju ngumbara ka negarana Emang Hitler, ngaping caroge nu kaleresan didamel didieu. nu kawitna duaan,ayeuna tos tiluan sareng si cikal Irsyad (21 sasih)
Pami ditaros "Urang sunda nya Inta teh?“ Tah rada bingung oge kumaha ngawalerna.

Pami ditilik tina "garis darah kesukuan“ mah mung pun Bapa anu ti tatar Sunda teh, pun biang mah ti Purwokerto. Sanaos pun Biang teh "tiang jawi“ namung nyarios sunda na mah langkung lemes ti pun Bapa. Hebat nya pun biang mah:)
Pami ditilik tina raray,saurna abdi teh geulis na mah geulis Jawa saur para pemirsa mah ( hehehe nya puguh geulis nya? Maenya kasep atuh)
Pami didangu dangu mun abdi nuju nyarios taahhh sunda pisaaaann kitu saur rerencangan mah. Pami ditilik tinu "beuki heureuy na“ sigana mah sunda oge tah.
Pami ditilik tinu "patuangan“,.... tah eta pasti jelas Indonesia pisaaan, da ampir sadaya pasakan Indonesia resep. Sanajan tos 4 taun ngumbara, tapi geuning ari teu acan nuang sangu mah asa can tuang,…sajanan roti tos seep sababaraha gepok ge. (Ari eta mencirikan urang Indonesia atanapi gembul nya? :))

Naon damel atuh Inta dibumi? Padamelan Utami mah ngaping caroge sareng ngasuh Irsyad. Ayeuna langki pisan abdi nyarios ku basa sunda teh, da geuning diajak nyarios basa sunda urang Jerman mah teu ngartoseun hehehe.
Pami ningali Irsyad, abdi sok tatanya dina jero hate, “bakal tiasa nteu nya budak ieu nyarios sunda?” da sanes teu hoyong nganggo basa sunda, di bumi nyarios ku basa Indonesia, kaleresan ayeuna ngumbara ka Jerman, nya kedah tiasa basa Jerman, Tah ku dua bahasa wae si kasep Irsyad the can tiasa nyarios leres, kumaha mun ku abdi di jejelan basa sunda oge? Lieurerun pangintennya?...hihihi
Janten basa sunda teh dianggo pami pendak sareng urang sunda deui, kadang pami ngobrol sareng caroge, pami nelepon ka saderek di Indo, Sareng pami kukulutus dijalan, pan teu ngartoseun urang jerman dicarekan ku basa sunda mah hehehe bebas euuuyyy….
Sanajan tebih tina sampurna, kadang abdi sok sieun kemampuan berbahasa sunda (nu ngan sakitu kituna teh) janten Ical.

Manawi melalui WSAB ieu, utamina tiasa manjangkeun tali silaturahmi, nambihan dulur, nambih pengalaman, nambih pengetahuan, silih asah silih asih, silih asuh, sareng para istri nu aya dibenua mana wae, anu kagungan katertarikan kana budaya sunda termasup bahasana.

Blog: http://www.tominta-family.blogspot.com/

Friday, August 26, 2005

Inong


Nami abi Inong abi ayeuna di Singapura, tos gaduh putra dua...caroge nembe hiji, hihihihi, hobi ngagendutan budak, bungah pisan mendak WSAB di internet, asa gaduh sadulur salembur.. hahahha.. tos ah sakitu heulanya..

Blog: http://www.zidansyifa.blogspot.com/

Irma


Wasta abdi, Irma Rahmat (Irma), yuswa 29 taun. Ti taun 76 dugi ka taun 2000 kiwari, abdi sakulawargi linggih di Bandung. Nembean taun 2000, Allah SWT ngintunkeun jodo (pun lanceuk, Yoga Prasetio, nu ayeuna janten papa-na Assyifa-2thn), sareng sumber rejeki kulawargi di Jakarta.

Karesep abdi, kukurilingan (jalan-jalan, maksadna mah.. hihi), hahaleuangan (nyanyi tea geuningan), teteleponan (mrs. Ring-ring lah abdi mah), balanja, ngaleueut jajanan bandung (emmh.. baso, batagor, lumpia basah, awug, dodol, es cendol, es campur, hehehe..), jeung sajabana.

Alesan abdi gabung sareng WSAB, hoyong nambih rerencangan supados tiasa nambih wawasan, elmu, ngalancarkeun basa sunda (basa lemes, maksadna mah! :P), jeung susuganan weee.. tiasa nambih amal-amalan. Hehehe.. pan atuh manjangkeun tali silaturahmi sareng urang pajajaran oge sami sareng ibadah 'nya?

Tos ah.. mangga atuh dihaturanan linggih di blogna WSAB. Dijamin lahh.. seueur barakatak jiga dina mangle-online tea geuningan..

ID YM: irmatv
Blog: http://irmayoga.blogspot.com/

Intan


Nami, Intan, asli ti Bogor, sakedap deui ngiringan klab 30, nikah 5 th kapengker. Ayeuna nuju di Inggris sareng pun lanceuk jeung pun anak namina Sandra lahir Desember 2001. Ngiringan WSAB tina konpren di YM sareng Roro, Ophi jeung Lia, harapanna sina tiasa nyarios sunda, da seringna mah henteu PD, komo jeung kulawarga pun bapa nu ti Tasik mah, sareng sina nambih rerencangan anyar jeung manjangkeun silaturahmi -antar benua- ...

Blog: http://www.lamaman.alamsyah.net/

Thursday, August 25, 2005

Leili




Assalamu'alaikum wr.wb.
Nepangkeun, abdi Leili Firdalina, biasa dipanggil leli, pun lanceuk Mas Bagus asli urang surabaya, tos gaduh buntut hiji namina Zaza (bade 10 bln), abdi hijrah ti Depok ka Surabaya. Ari Ibu ti garut, Bapak ti Ciamis, sunda pisan nya?. Ngiringan WSAB, hoyong nambih rerencangan sareng ngalancarkeun bahasa sunda. Haturnuhun
Wassalamu'alaikum wr.wb.

YM : leili_fr
Blog: http://www.keluargabaguskw.blogspot.com

Lia


Sim kuring Lia, asli pakidulan Garut, ayeuna nuturkeun bapa barudak di Massachusetts USA, nembe 6 sasih. Budak 2 pameget Raka (3 thn) Rai (1thn). Ari karesep mah masing didieu ge angger we awug sareng cireng, dugi ka pernah kaemutan sieun nyiram cireng dinagri deungeun. Harepan ka WSAB, tiasa manjangkeun silaturahmi, loba batur jeung dulur sugan we mun jaga nyaleg teh seueur baladna hihi.

ID YM: lia_barra
Blog: http://kulawarga.blogspot.com/

Merlyna



Sim kuring Mer atanapi emmMer, urang Sunda, lahir di Sunda, sareng
netip
spiker Sunda. Tos lima taun kukurilingan di luar nagreg, namung aslina
mah ti Dayeuhkolot. Ayeuna sim kuring teh anjrek di Los Angeles, caket
Holywood tea. Siang-siang abdi didamel di unipersitas, wengi-na abdi
ngadangdut, janten selebritis nganggo nami Lady Day(euh). Misi abdi teh
hoyong ngainternasionalkeun goyang dombret cara Sunda :D Mangga
tariiiiik mang!!

Blog: http://merlyna.blogspot.com

Wednesday, August 24, 2005

Molly


Nepangkeun abdi molly, ngakuna mah urang sunda tp basa sundanya meuni ancur pisan nya. abdi tos gaduh hiji buntut, nyaeta Trixie (7 taun) http://blognyatrixie.blogspot.com aduh rada teu PD euy nyarios sunda teh..sundana pabalatak pisan padahal lahir di bandung,sakola dibandung, nembe 2 taun iyeu ngumbara ka ibu kota :), maklum we da di bumi teu dibiasakeun nyarios basa sunda, da pun rama teh asalana ti sumatra teu tiasa nyarios sunda, ari pun biang mah asli urang sunda.terang iyeu WASAB teh ti neng inta nu di jerman tea,nya sugan we gabung di dieu teh tiasa nambihan rerencangan jeung nu utamina man abdi jadi tiasa nyarios sunda nu sae sareng lemes mangga atuh permios heula, sanes waktos posting deui

Blog: http://mamanatrixie.blogspot.com/

Mungky


Munky. Di Bandung tikawit lahir, warsih 1977 dugika TK. Hijrah ka Jakarta ngawitan SD dugi SMA. Kuliah wangsul deui ka Bandung. Ngalih deui ka Jakarta kumargi kenging damel. Pun biang sunda asli Bandung, pun baba Bugis asli Makassar.

Kana basa Sunda teh henteu patos lancar da di rorompok wajib nganggo basa endonesyah...hiks. Nanging sok diajar sakedik2 ti pun Aki sareng pami balanja di pasar (?). Ayeuna ditambihan ku kursus onlen basa sunda, heheh.

Pun Lanceuk, Mas Yoga, urang jawa (sapertos wsab anu sanes, carogena seueur nu ti Jawa hihihi). Ayeuna tumetep di Benua Bali, di desa Perancak, Jembrana, Bali barat. Padamelan mah tos tetep: ikut suami tea atanapi Ibu Rumah Tangga. Teu acan gaduh turunan, nyuhunkeun piduana ti wsab sadaya ngarah enggal dipaparin.

Ngiringan wsab? kapincut ku iklan ti teh ophi, hehehe...

Moto: Tersenyumlah, jika kau ingin orang lain tersenyum padamu...
Blog: http://www.keluarganugroho.blogspot.com/

Friday, August 19, 2005

Nana



Nepangkeun ka sadayana, nami abdi Nana kalahiran Cianjur kaping 2 april (bilih aya nubade ngado mangga diantos pisan :), yuswa 29 taun, Alhamdulillah kenging jodoh taun 2000 tepatna nikah kaping 27 oktober, nami punlanceuk Khairul Aldes, ayeuna linggih di Depok.

Ngiringan wsab ngarah tiasa belajar bahasa sunda anu leres sareung hoyong manjangkeun tali silaturahmi,bari jeung nambih saderek, sareng hoyong kenal sareung ibu2 ti seluruh benua.


YM : aldezpriv / nana-cianjur
Blog : www.maminya-anak2.blogspot.com

Natalia


Abdi Natalia, aya nu nyebat Nat2, Nata atau di bumi mah Lia, abdi kaluaran ti FK Unpad, aya bade nu diparios?...Ayeuna mah di Bandung keneh..Ngiring WSAB dalam rangka milarian jajaka sunda anu masih single, sugan we aya anu gaduh rayi atawa kakang anu masih nyalira :P... Pan keur ngetren milarian jodoh on-line teh?!! Leres sadayana?? hehehehe

Blog: http://alleinleea.blogs.friendster.com/

Thursday, August 18, 2005

Nia


Nepangkeun, abdi …Nia… asli ti Bogor …, kos na mah di WSAB ieu abdi anu pang sepuh na, Mei kamari tos 33 thn …. :) .....Ayeuna tinggal di lembur caroge, di USA teh tos hampir 6 tahun …, Alhamdulillah tos gaduh 2 putri, Asia & Ashlee. Tadi na abdi sareng kaluarga linggih di Michigan ( 5 thn-an ), trus ngalih ka Kentucky, da pun caroge nyandak kasempatan di transfer damel na … Insya Allah, 3 bulanan deui bakalan ngalih ( deui ) ka Batavia, di Ohio …. Supados caket ka tempat padamelan na si akang … :)

Nu pasti, bungah pisan tiasa gabung sareng WSAB, jadi tiasa kumpul ngajalin kakulawargaan sareng rerencangan di pelosok Benua …, mudah2an tiasa nyandak manfaat dina ieu WSAB.

Kitu beh … punten lamun bahasa na aya anu lepat …

Blog: http://mysweetpotatoes.blogspot.com/

Ninit


Ninit ayeuna di Abdijan Afrika, penulis Kok Putusin Gue, suami Adhitya Mulya penulis oge Jomblo sareng Gege Mengejar Cinta. Gaduh blog kolaborasi www.kamarcewek.com

Blog : http://istribawel.com/

Wednesday, August 17, 2005

Nita


Nepangkeun, abdi Nita Yuanita tea. Tah, tina namina wae tos katingali sunda-na. Ceunah mah (ceuk si Dodo bari heuay.. hihihi) nami siga kitu teh cocok sareng rumus nami urang sunda tea nu Breng-breng Kedungbreng .. hihihi.
26 taun abdi di bandung, teras angkat ka Thailand kanggo neraskeun sakola, ayeuna atos 3 taun di Thailand (meni teu beres2 wae deuih ieu sakolana). Pun lanceuk, Enda Nasution, oge ageung di bandung,ayeuna ngiring oge ka Thailand. Upami pun lanceuk mah
didamel, sanes sakola sapertos abdi.
Abdi sareng pun lanceuk gaduh orok (nembe) hiji, Gala Andara Nasution (Gaga), nembe tilu sasih. Di rorompok mah, abdi teh tara nyarios sunda ka pun lanceuk, sakapeung osok ding, ngan sok teu pararuguh :D Kukituna, abdi ayeuna sok nyarios sunda ka Cep Gaga.
Meni resep teh nyarios sunda ka orok mah, moal nembalan, jadi upami balelol moal nyengseurian :) Ieu abdi ngiringan WSAB teh ngarah kapilem wae... hihihi... mun ceuk basa indonesiana mah 'numpang beken' tea :)
Kitu wae panginten nya.. mangga teraskeun deui..

Blog: http://nita.goblogmedia.com/

Tuesday, August 16, 2005

Nurul


Tok tok..punten..nepangkeun abdi Nurul , asli Jasun, Jawa Sunda. Pun biang asli Sumedang, upami Bapa ti Kediri. Janten di bumi teh pabeulit bahasana :) Kaleresan abdi di Bandung mang taun taun..ti alit 1976, nepika 1999, teras ngalanjutkeun studi ka batapia (baca: jakarta) sareng teras di damel didieu, milarian sahuap dua huap anu tiasa dihuapkeun tea lah..tp hate mah masih hidup persib! Heheh..teras karesep oge masih tutug oncom, ulukutek leunca, jeung peda, tp sesah milarian didieu mah, komo deui milarian channel sunda nu aya “sinetron” inohong di bojongrangkong, hihi masih aya kitu nya?.

Nembean aya jodohna ti Allah SWT 2004 kamari. Janten ayeuna abdi nuju udar-ider wae jakarta-bandung, da pun lanceukayeuna nuju PTT di sumedang janten abdi teh tiasa disebatna istri AKAP, kawas beus wae lah..Antar Kota Antar Propinsi hihihi..Alhamdulillah ayeuna cipularang tos aya, janten asa caket..ngan akhir tahun ieu mah abdi bade pindah ka bandung, insya Allah ngalahirkeun, sareng meh caket ka pun lanceuk.

Motipasi ngiringan WSAB ngan saukur hoyong menjalin persatuan dan kesatuan…kumaha wae TVRI lah hehe..kaleresan ieu meni seeur anu sa-SMP 5 nya, aya nita, irma, sareng cia..jeung motipasi nu sanes ameh tiasa diajar basa sunda anu langkung sae, da kapungkur mah mun aya pelajaran basa sunda di SMP teh sok nyontek wae dipayunan Pak Eman jeung Pak Bandi tea, kainget gaduh dosa kieu nya...
Mangga atuh ah permios, adios, amigos..lamun bade aya nu nga-add di friendster imel abdi. Mugi2 WSAB nambih Kerbek- keren beken!

Email: nurul_di@hotmail.com
YM : nuruldi
Blog: http://nuruldiana.blogspot.com/

Monday, August 15, 2005

Ophi


Nami Ophi, wakil (ayeunamah) ti benua Eropah, teu teurang tah 4 taun deui mah, buuk hideung, irung rada mancung kagigir, imut manis.. aihhh.. hobi heureuy ngagangguan pun suami abi terus sesepedahan kukurilingan, ka dunia 20.02.75 teras 21.01.01 nikah, atos gaduh putra hiji Mohammad Farrel Radityo, Farrel na atos dicandak ku nu Gaduh na , ayeuna teu acan deui..doakeun weh nya, bumi Ciwastra bandung coret, currently karenli di Bonn, ngungsi..upami lancar mah nepiken 2009 ..upami henteu..berarti pindah kadieu hihi..henteu ketang..bisi diudag ku nu di Bandung...lengkapna mah tiasa ningali didieu biasalah FS tea.Harapan sami sareng Roro (nambut ro) meh gaduh putra deui tea sareng tentyu wee manjangkan silaturahim istri2 sunda tea..sareng nyungkeun artos doa meh abdi sareng kulawargi lancar2 di perantauan ieu, hayuk ah...tarik maaanggg...

Blog: http://www.blumenophi.blogspot.com/

Sunday, August 14, 2005

Patsy


Abdi teh tiasa dipanggil Patsy, aslina Patricia Astrid, ayeuna di Walanda (Nederland kituuu…). Pun bapa jeung pun ibu teh asli made in Sumut (Batak kitu), ari abdi mah ti orok nepi kakarek beres kuliah di Bandung. Naon deui nya, oh iyaah, pun bapa jeung pun ibu bumina di Buah Batu, cakeut pisan ka Toserba Griya. Buah Batu mah ayeuna macet pisan jeung hareudang …! Baheula mah abdi teh sok ngangkot Abdul Muis-Dago, pan sakola di daerah Dago. Sok ponyo euy naek angkot deui di Bandung. Mun salah2 vocab Sunda, ngartos atuh nya, pan sanes asli ieu mah hehe

Blog: http://www.patricia-astrid.blogspot.com/

Ria


Abdi Ria, sebenerna abdi sanes orang Sunda, ngan pernah sakola di Bandung, caket kebon binatang tea, ayeuna abdi di Cairo Mesir, negarana cleopatra sareng firaun tea geuning, ngiring suami nu orang Mesir, gaduh putra dua, namina Islam ti caroge abdi sareng hiji deui Youssouf, di WSAB abdi hoyong tepang sareng sadaya warga, silaturahim, sareng diajar bahasa Sunda

Blog: http://www.khriy.blogspot.com/

Saturday, August 13, 2005

Rina


Nami : Rina Mutaqinah Taufik
Alamat : Jl Anyelir VII No. 25 Bumi Rancaekek Kencana Kab. Bandung
Karesep : nulis, maca oge jalan-jalan keliling dunia (di dunia maya he…he…)
Motivasi ngagabung sareng WSAB yaeta :
Hoyong ngajalin silaturahmi sareng batur salembur nu aya di mana wae, oge hoyong ngaronjatkeun deui budaya Sunda nu tos seueur dikantunkeun ku urang Sunda sorangan

Abdi teh tos gaduh ’buntut’ tilu lalaki 2 istri 1, nanging eta dina photona mah nu awewe misah (keun wae nya...) eh upami hoyong terang kumaha langkung seueur cobi ngotak wae ka

YM & Email rinataufik@yahoo.com,
Url www.muhasabahrinataufik.blogspot.com

Roro


Sim kuring Roro, lahir taun tujuh opat di Kuningan. Nikah taun 2001 (singhoreng kompak sareng Lia, Ophi, Teh Inta) di Kuningan oge. Teu acan kagungan turunan.
Ayeuna dumuk di Missouri, USA, kaleresan gaduh propesi hasbenker (tulis: husbandcare). Anu bade sindang diantos pisan kasumpinganna.
Kawit ti Kuningan, handapeun gunung cireme anu endah, seger, tur matak nineung.
Harepan ngiringan WSAB nyeta manjangkeun asih silaturahmi, teras hoyong dibagian tips dan trick bikin anak :)) ti ibu2 anu sanes, mangga....

ID YM: rorouchihara
Blog: http://keseharian.com/

Friday, August 12, 2005

Tantri


Nepangkeun Abdi Tantri Sulastri kaduh caroge insya alloh dugi ka akhir hayat mung hiji namina P.Nugraha, danget ieu abdi nembe gaduh hji putra 9 Thn , sadidinten di sauran Kakang margi budak pang ageungna nami jentre Zhaffran Nugrahaputra Munggaran.

Abdi linggih di Surabaya (nuju tugas) pami padumukan sateu acanna mah di pasisian Jakarta tepatna Tangerang di Vila Bintaro Indah, lajeng sepuh abdi asli Bandung alhamdulillah masih kumplit aya di Bandung.

Abdi nikah sareng Aa na teh thn 1993 (nembe 13 thn, neda piduana ti wargi sadaya,alhamdulillah). Karesep abdi mah ngukur jalan alias jalan2 sareng beberes bumi, heeeeee

Alhamdulillah abdi tiasa gabung ka WSAB ku ajakan neng Imol (Molly) mugi di tampi kusadaya wargi, hatur nuhun. Harapan abdi lebet ka WSAB salain ngalancarkeun bahasa sunda oge nambihan wargi anu tebih..mugi manjangkeun silaturahmi, amien.

ID YM : Ntrie
Blog: www.sulastritantri.blogspot.com

Vi3


Nami lengkap: Yovita Vivianty Indriadewi Atmadjaja
Lahir: Bandung, 26 April 1973
Sajarah abdi: - umur 2 tahun abi pindah ka Banyuwangi, teras SMA di Bandung, kuliah di UGM, lulus tahun 1996, teras abdi ka Sydney 1 tahun nyandak kuliah Master, ti dinya lulus, teras balik deui ka Bandung, damel jadi dosen tetap di UNPAR, eta teh 3 tahun, tapi taun 2002 pindah ke Banyuwangi.. buka warnet sareng kursus komputer kanggo anak2, oge janten dosen honorer di UNTAG Banyuwangi..Abdi di Bandung tinggal di Cidurian.. caket Cicadas (daerah preman dan daerah terpadat di dunia tea geuning hehehe)..pun biang asli Bandung, ai pun bapa orang Cirebon...Ayena mah abdi ngejomblo, tapi 4 bulan ka payun bade dilepas status jomblona hehehee...

Abdi ngiring WSAB sabab ngarasa abdi teh orang Sunda weh dareng resep maca tulisan bahasa sunda asa di lembur kitu...

Blog: http://yovitaatmadjaja.blogspot.com

Wida


Nami abdi Wida yuswa 23, ayeuna di Jakarta, ari asli mah ti Cianjur kidul. Upami enjing2 dugi ka sonten abdi damel teras wengina ka kampus di Gunadarma Depok. sateuacan ka Jakarta abdi kantos di Sukabumi sakola di smp1 teras ka Cimahi sakola di stmn pembangunan..saatos lulus teras damel di Bandung pendak sareng Teh Lia, tah ti terang Teh Lia abdi tiasa tepang sareng wsab ieu :)

Blog: http://dailyda.blogs.friendster.com/my_blog/

Thursday, August 11, 2005

Willa



Nepangkeun ka sadaya para wargi WSAB...........Jenengan abdi Willa Lydia Sullivan. Nga "TETEH" keun soteh pedah we teh Willa mah yuswana tos langkung ti rai-rai sadaya.

Teh Willa asli sunda..lhoooo,lahir di Sumedang di pagunungan Tampomas,namung caroge ditingal tina namina oge asli Amrik kalahiran Arizona, saurna mah ageung di sakuliah Amerika margi ramana teh pilot Angkatan Udara Amerika jaman perang Vietnam saurna mah, namina
Dan(Daniel)Sullivan.

Padumukan abdi di kota alit Salem Massachusetts, nembe 3 warsih(taun), namung dongkap ka Amerika mah tos 5 warsih(taun) ti ngawitan sasih Pebruari 2000. Nembe sumping linggih di kota Columbia Maryland, caket pisan ka Gedung Putih,teras saatosna kajantenan 11 September
ngalih ka Munich Jerman ngiring caroge nu didamel di Dornier perusahaan pesawat. Kumargi bangkrut nya ngalih ka Massachusetts kaping 15 Agustus taun 2002 dugi ka danget(waktos) ieu. Seueur dongengkeuneun mah mung bilih nyeepkeun tempat dibujeng enggalna bae.......teh Willa ngiringan WSAB teh pendak sareng Lia, Elly, Juju di acara ngempel waktos Agustusan di
Watertown Park kaping 20 Agustus upami teu lepat mah, alhamdulilah teu sia-sia margi tiasa tepang melalui milist sareng rai-rai di mana-mana nu balageur, saroleh.....mugi-mugi waktos kapayunna tiasa pendak jonghok.... pateuteup sareng sadayana...Amien!!!!

Blog: http://willasundablog.blogspot.com/

Yanis


Assalamu'alaikum,
nepangkeun ka sadayana, abdi Yanis Soraya, ngakuna mah urang sunda, tapi basa sundana amburadul, numpang lahir di ciamis, pun biang jeung rama asli ti ciamis.
Tapi abdi teras ka jawa (solo 1976 - 1992), lami pisan teras kuliahna di jakarta. Jadi abdi teh basa ibuna basa jawa.

Atos gaduh buntut 2, Fafa (5 taun) sareng Azka (2,5 taun). Bade nuju ka 3, Insya Allah awal september lahirna. Kagungan caroge hiji..he..jenenganna Badrul Munir
(sanes mas Ari..he..), asli ti jawa (Ngawi, jatim). Ayeuna abdi ngiring caroge anu sakola di Korea (PhD). Ari padamelan ma di UI (dosen).

Ngiringan WSAB teh ngarah tiasa basa sunda nu alus sareng lancar, teras nambah sadulur. Haturnuhun ka sadayana...permios...

Wassalaam,
Yanis & keluarga Munir

ID YM : fafa1205@yahoo.com
Blog: http://fazka.blogspot.com

Yanti



Nepangkeun, nami abdi Yanti. Aslina Jawa saratus persen. Tapi da ti barojol dugi ka ageungna di Bandung, janten nya tiasa oge nyarios Sunda sakedik2. Nyuhunkeun dihapunten we upami aya kalepatan atawa kirang sae.

Yuswa abdi ayeuna 29 langkung (ambeh teu tilupuluh2 acan :D), linggih di Bandung da didamel di Tegallega.. hehe... Upami hobi mah ngadangukeun musik, kukurilingan di internet (saur urang Inggris mah browsing, kituh), sakapeung nyerat, sakapeung ngaos.. Naon we lah :D.

Nikah taun 2003, sareng pun Abang nu urang Minang, ageung di Jakarta, kuliah di Bandung (matakna papanggih sareng abdi). Teras ayeuna tos gaduh anak hiji nu bandelna jiga indungna :D, Naila, hiji satengah taun. Pun lanceuk mah ayeuna didamel di Jakarta, janten nikahna mah mung dina ahir minggu wungkul jiga nu bobogohan keneh :D.

Kitu wae panginten ti abdi, upami bade langkung terang mah, mangga ka blog abdi
Adios amigos permios da parantos!!!

Blog: http://jalankenangan.net