Propil Warga: Tantri
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Friday, August 12, 2005

Tantri


Nepangkeun Abdi Tantri Sulastri kaduh caroge insya alloh dugi ka akhir hayat mung hiji namina P.Nugraha, danget ieu abdi nembe gaduh hji putra 9 Thn , sadidinten di sauran Kakang margi budak pang ageungna nami jentre Zhaffran Nugrahaputra Munggaran.

Abdi linggih di Surabaya (nuju tugas) pami padumukan sateu acanna mah di pasisian Jakarta tepatna Tangerang di Vila Bintaro Indah, lajeng sepuh abdi asli Bandung alhamdulillah masih kumplit aya di Bandung.

Abdi nikah sareng Aa na teh thn 1993 (nembe 13 thn, neda piduana ti wargi sadaya,alhamdulillah). Karesep abdi mah ngukur jalan alias jalan2 sareng beberes bumi, heeeeee

Alhamdulillah abdi tiasa gabung ka WSAB ku ajakan neng Imol (Molly) mugi di tampi kusadaya wargi, hatur nuhun. Harapan abdi lebet ka WSAB salain ngalancarkeun bahasa sunda oge nambihan wargi anu tebih..mugi manjangkeun silaturahmi, amien.

ID YM : Ntrie
Blog: www.sulastritantri.blogspot.com