Propil Warga: Irma
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Friday, August 26, 2005

Irma


Wasta abdi, Irma Rahmat (Irma), yuswa 29 taun. Ti taun 76 dugi ka taun 2000 kiwari, abdi sakulawargi linggih di Bandung. Nembean taun 2000, Allah SWT ngintunkeun jodo (pun lanceuk, Yoga Prasetio, nu ayeuna janten papa-na Assyifa-2thn), sareng sumber rejeki kulawargi di Jakarta.

Karesep abdi, kukurilingan (jalan-jalan, maksadna mah.. hihi), hahaleuangan (nyanyi tea geuningan), teteleponan (mrs. Ring-ring lah abdi mah), balanja, ngaleueut jajanan bandung (emmh.. baso, batagor, lumpia basah, awug, dodol, es cendol, es campur, hehehe..), jeung sajabana.

Alesan abdi gabung sareng WSAB, hoyong nambih rerencangan supados tiasa nambih wawasan, elmu, ngalancarkeun basa sunda (basa lemes, maksadna mah! :P), jeung susuganan weee.. tiasa nambih amal-amalan. Hehehe.. pan atuh manjangkeun tali silaturahmi sareng urang pajajaran oge sami sareng ibadah 'nya?

Tos ah.. mangga atuh dihaturanan linggih di blogna WSAB. Dijamin lahh.. seueur barakatak jiga dina mangle-online tea geuningan..

ID YM: irmatv
Blog: http://irmayoga.blogspot.com/