Propil Warga: Mungky
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, August 24, 2005

Mungky


Munky. Di Bandung tikawit lahir, warsih 1977 dugika TK. Hijrah ka Jakarta ngawitan SD dugi SMA. Kuliah wangsul deui ka Bandung. Ngalih deui ka Jakarta kumargi kenging damel. Pun biang sunda asli Bandung, pun baba Bugis asli Makassar.

Kana basa Sunda teh henteu patos lancar da di rorompok wajib nganggo basa endonesyah...hiks. Nanging sok diajar sakedik2 ti pun Aki sareng pami balanja di pasar (?). Ayeuna ditambihan ku kursus onlen basa sunda, heheh.

Pun Lanceuk, Mas Yoga, urang jawa (sapertos wsab anu sanes, carogena seueur nu ti Jawa hihihi). Ayeuna tumetep di Benua Bali, di desa Perancak, Jembrana, Bali barat. Padamelan mah tos tetep: ikut suami tea atanapi Ibu Rumah Tangga. Teu acan gaduh turunan, nyuhunkeun piduana ti wsab sadaya ngarah enggal dipaparin.

Ngiringan wsab? kapincut ku iklan ti teh ophi, hehehe...

Moto: Tersenyumlah, jika kau ingin orang lain tersenyum padamu...
Blog: http://www.keluarganugroho.blogspot.com/