Propil Warga: Nita
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, August 17, 2005

Nita


Nepangkeun, abdi Nita Yuanita tea. Tah, tina namina wae tos katingali sunda-na. Ceunah mah (ceuk si Dodo bari heuay.. hihihi) nami siga kitu teh cocok sareng rumus nami urang sunda tea nu Breng-breng Kedungbreng .. hihihi.
26 taun abdi di bandung, teras angkat ka Thailand kanggo neraskeun sakola, ayeuna atos 3 taun di Thailand (meni teu beres2 wae deuih ieu sakolana). Pun lanceuk, Enda Nasution, oge ageung di bandung,ayeuna ngiring oge ka Thailand. Upami pun lanceuk mah
didamel, sanes sakola sapertos abdi.
Abdi sareng pun lanceuk gaduh orok (nembe) hiji, Gala Andara Nasution (Gaga), nembe tilu sasih. Di rorompok mah, abdi teh tara nyarios sunda ka pun lanceuk, sakapeung osok ding, ngan sok teu pararuguh :D Kukituna, abdi ayeuna sok nyarios sunda ka Cep Gaga.
Meni resep teh nyarios sunda ka orok mah, moal nembalan, jadi upami balelol moal nyengseurian :) Ieu abdi ngiringan WSAB teh ngarah kapilem wae... hihihi... mun ceuk basa indonesiana mah 'numpang beken' tea :)
Kitu wae panginten nya.. mangga teraskeun deui..

Blog: http://nita.goblogmedia.com/