Propil Warga: Yanti
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, August 11, 2005

Yanti



Nepangkeun, nami abdi Yanti. Aslina Jawa saratus persen. Tapi da ti barojol dugi ka ageungna di Bandung, janten nya tiasa oge nyarios Sunda sakedik2. Nyuhunkeun dihapunten we upami aya kalepatan atawa kirang sae.

Yuswa abdi ayeuna 29 langkung (ambeh teu tilupuluh2 acan :D), linggih di Bandung da didamel di Tegallega.. hehe... Upami hobi mah ngadangukeun musik, kukurilingan di internet (saur urang Inggris mah browsing, kituh), sakapeung nyerat, sakapeung ngaos.. Naon we lah :D.

Nikah taun 2003, sareng pun Abang nu urang Minang, ageung di Jakarta, kuliah di Bandung (matakna papanggih sareng abdi). Teras ayeuna tos gaduh anak hiji nu bandelna jiga indungna :D, Naila, hiji satengah taun. Pun lanceuk mah ayeuna didamel di Jakarta, janten nikahna mah mung dina ahir minggu wungkul jiga nu bobogohan keneh :D.

Kitu wae panginten ti abdi, upami bade langkung terang mah, mangga ka blog abdi
Adios amigos permios da parantos!!!

Blog: http://jalankenangan.net