Propil Warga: Yanis
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, August 11, 2005

Yanis


Assalamu'alaikum,
nepangkeun ka sadayana, abdi Yanis Soraya, ngakuna mah urang sunda, tapi basa sundana amburadul, numpang lahir di ciamis, pun biang jeung rama asli ti ciamis.
Tapi abdi teras ka jawa (solo 1976 - 1992), lami pisan teras kuliahna di jakarta. Jadi abdi teh basa ibuna basa jawa.

Atos gaduh buntut 2, Fafa (5 taun) sareng Azka (2,5 taun). Bade nuju ka 3, Insya Allah awal september lahirna. Kagungan caroge hiji..he..jenenganna Badrul Munir
(sanes mas Ari..he..), asli ti jawa (Ngawi, jatim). Ayeuna abdi ngiring caroge anu sakola di Korea (PhD). Ari padamelan ma di UI (dosen).

Ngiringan WSAB teh ngarah tiasa basa sunda nu alus sareng lancar, teras nambah sadulur. Haturnuhun ka sadayana...permios...

Wassalaam,
Yanis & keluarga Munir

ID YM : fafa1205@yahoo.com
Blog: http://fazka.blogspot.com