Propil Warga: Inta
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Saturday, August 27, 2005

Inta


Nepangkeun, Abdi Shinta. nenehna, atanapi nami bekena kitu cekap Inta.
Ti lahir dugi ka tamat sakola (alhamdulilah tamat oge sakola teh euy hehehe), linggih di Bandung, Nincak 4 taun ieu nuju ngumbara ka negarana Emang Hitler, ngaping caroge nu kaleresan didamel didieu. nu kawitna duaan,ayeuna tos tiluan sareng si cikal Irsyad (21 sasih)
Pami ditaros "Urang sunda nya Inta teh?“ Tah rada bingung oge kumaha ngawalerna.

Pami ditilik tina "garis darah kesukuan“ mah mung pun Bapa anu ti tatar Sunda teh, pun biang mah ti Purwokerto. Sanaos pun Biang teh "tiang jawi“ namung nyarios sunda na mah langkung lemes ti pun Bapa. Hebat nya pun biang mah:)
Pami ditilik tina raray,saurna abdi teh geulis na mah geulis Jawa saur para pemirsa mah ( hehehe nya puguh geulis nya? Maenya kasep atuh)
Pami didangu dangu mun abdi nuju nyarios taahhh sunda pisaaaann kitu saur rerencangan mah. Pami ditilik tinu "beuki heureuy na“ sigana mah sunda oge tah.
Pami ditilik tinu "patuangan“,.... tah eta pasti jelas Indonesia pisaaan, da ampir sadaya pasakan Indonesia resep. Sanajan tos 4 taun ngumbara, tapi geuning ari teu acan nuang sangu mah asa can tuang,…sajanan roti tos seep sababaraha gepok ge. (Ari eta mencirikan urang Indonesia atanapi gembul nya? :))

Naon damel atuh Inta dibumi? Padamelan Utami mah ngaping caroge sareng ngasuh Irsyad. Ayeuna langki pisan abdi nyarios ku basa sunda teh, da geuning diajak nyarios basa sunda urang Jerman mah teu ngartoseun hehehe.
Pami ningali Irsyad, abdi sok tatanya dina jero hate, “bakal tiasa nteu nya budak ieu nyarios sunda?” da sanes teu hoyong nganggo basa sunda, di bumi nyarios ku basa Indonesia, kaleresan ayeuna ngumbara ka Jerman, nya kedah tiasa basa Jerman, Tah ku dua bahasa wae si kasep Irsyad the can tiasa nyarios leres, kumaha mun ku abdi di jejelan basa sunda oge? Lieurerun pangintennya?...hihihi
Janten basa sunda teh dianggo pami pendak sareng urang sunda deui, kadang pami ngobrol sareng caroge, pami nelepon ka saderek di Indo, Sareng pami kukulutus dijalan, pan teu ngartoseun urang jerman dicarekan ku basa sunda mah hehehe bebas euuuyyy….
Sanajan tebih tina sampurna, kadang abdi sok sieun kemampuan berbahasa sunda (nu ngan sakitu kituna teh) janten Ical.

Manawi melalui WSAB ieu, utamina tiasa manjangkeun tali silaturahmi, nambihan dulur, nambih pengalaman, nambih pengetahuan, silih asah silih asih, silih asuh, sareng para istri nu aya dibenua mana wae, anu kagungan katertarikan kana budaya sunda termasup bahasana.

Blog: http://www.tominta-family.blogspot.com/