Propil Warga: September 2005

Propil Warga

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, September 01, 2005

Afi


Jisim abdi teh Afi, ayeuna nuju ngumbara di Brisbane nagari kangguru tea, pedah we si akang teh guru di UPI Bandung janten kacacandak ka nagri kangguru, nyambung paaan :D

Ngumbara di Brisbane tos dua taun langkung sareng pun anak and caroge. Pun anak, Lara, yuswa na tos bade opat taun, meni eleh we basa Inggris indung na teh nya, sok sirik. Abdi janten pangangguran dicandak ka luar nagreg teh nya kulantaran kitu, padamelan ngan brawsing internet sareng kerek (khrrrrrrrr .....), jalan-jalan we ka mall bari jeung teu meser-ceuk si bule mah window shopping cenah. Ari karesep nongton The Simpson.

Pangharepan ngiring wsab nya .... supados tiasa kenalan sareng urang sunda nu aya di sabuderen alam dunya (jeung akherat teu nya?) sareng panginten urang tiasa gentosan resep masakan sunda, kumargi abdi teh kekeh hoyong tiasa ngadamel cilok-aci dicolok tea. Tos teu kiat nandanganana ieu hoyong cilok, di dieu mah teu aya cilok. Tah sakitu wae ti Afi, mangga atuh.

Wassalam.

Blog: http://theoriginator.blogs.friendster.com/my_blog/